Kota Banjar

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pikeun artikel kabupatén di Kalimantan Kidul anu sarua ngaranna, tempo Kabupatén Banjar. Pikeun kagunaan séjén, tempo Banjar (disambiguasi).
Kota Banjar

Lambang Kota Banjar
{{{foto}}}

{{{caption}}}

Peta lokasi Kota Banjar
Motto -
Propinsi Jawa Barat
Ibukota {{{ibukota}}}
Lega Wilayah 113,59 km²
Kordinat -
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
167.000 (2003)
1.469 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
4
-
Dasar hukum UU No. 27/2002
Tanggal 1 Desember 2002
Walikota Herman Sutrisno
{{{kapala daerah1}}} {{{nami kapala daerah1}}}
Kode aréa 0265
DAU Rp. -

Ramatloka: www.banjarkota.go.id

Kota Banjar mangrupa salah sahiji kota di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Kota Banjar aya di wawatesan jeung Propinsi Jawa Tengah, nyaéta jeung Kabupatén Cilacap. Banjar mangrupa lawang sakéténg jalur lintas kidul Jawa Kulon.

Sajarah[édit | édit sumber]

Saméméh jadi Kota administratif sorangan, Kota Banjar mangrupa wilayah anu asup ka Kabupatén Ciamis. Ti saprak taun 2003 (diresmikeun ku Menteri Dalam Negeri 21 Pebruari 2002) Kota Banjar jadi wilayah otonom anu miboga 16 désa, 9 kalurahan, 103 dusun, 297 RW jeung 1.143 RT anu kabagi kana 4 kacamatan.

Visi jeung Misi[édit | édit sumber]

Visi Kota Banjar taun 2018-2023 nyaéta;[1]: "Kalawan Iman jeung Taqwa, Urang Ngawujudkeun Kota Banjar anu Bersih Pamarentahna, Raharja Rahayatna, Endah Lingkunganna Nuju Banjar anu Agropolitan."

Misi Kota Banjar miboga lima pokok visi, nyaéta:

  1. Iman jeung takwa Iman jeung takwa kudu jadi dumasar utama tina ngalaksanakeun pamaréntahan sakumaha aya dina Misi 1 nepika Misi 6.
  2. Bersih Ngaronjatkeun pelaksanaan pamaréntahan anu profésional jeung akuntabel.
  3. Sejahtera
    • Ngaronjatkeun kualitas Sumber Daya Manusia (SDM)
    • Ngaronjatkeun laju tumuwuh ékonomi (LPE)
    • Ngawujudkeun Kota Peduli Hak Asasi Manusa (HAM)
  4. Asri Ngaronjatkeun kualitas lingkungan
  5. Agropolitan Ngembangkeun daya tarik jeung poténsi daérah.

Slogan Kota Banjar: "Banjar Makin Berseri Menuju Agropolitan" nyaéta mangrupa singkatan tina Bersih, Sejahtera, Asri jeung Agropolitan.[1]

Géografi jeung Iklim[édit | édit sumber]

Kota Banjar aya di tungutung wétan Propinsi Jawa Kulon, anu dibeulah ku Walungan Citanduy tur dikurilingan ku daérah pasawahan jeung leuweung rahayat. Sacara géografis Kota Banjar aya di antara 07°19' - 07°26' Lintang Kidul dan 108°26' - 108°40' Bujur kaler 07°19' - 07°26' Lintang Kidul dan 108°26' - 108°40' Bujur Kalér. Kota Banjar boga peran strategis jang kalancaran arus komoditas barang jeung jasa sarta arus wisatawan boh ti atawa ke Jawa belah wétan.[2]

Kota Banjar jadi salah sahiji kawasan titirah atawa rest area saméméh asup ka Jawa Kalér. Kota Banjar miboga lega wilayah 131,97 km2 jeung aya di 20 nepika 500 metér luhureun cai laut, sarta boga iklim tropis. Lolobana wilayah Kota Banjar aya di daérah anu luhurna kurang ti 100 metér di luhureun cai laut (88,10%). Sésa wilayahna aya di kaluhuran 100-500 metér di luhureun cai laut.[2]

Suhu udara di Kota Banjar henteu jauh ti 26,24 darajat celcius nepika 28,92 darajat celcius. Suhu rata-rata panghandapna aya di bulan Januari jeung pangluhurna aya di bulan Oktober. Curah hujan ditaun 2021 kaasup luhur kalawan rata-rata 273,66 mm jeung poé hujan anu lumayan kerep. Curah hujan pangluhurna aya di bulan Pebruari nyaéta 647,3 mm kalawan jumlah poé hujan lobana 22 poé. Bulan April nepika Oktober taun 2020 lumangsung poé hujan kurang ti 10 poé.[2]

Lobana lahan tatanén di Kota Banjar lolobana dipaké jang melak sawah, lobana 41% leuwih atawa 3.311 hektar. Legana lahan tegal aya 1.789 hektar, huma 42 hektar, leuweung nagara 723 hektar, tegal nagara 2.041 hektar. Lahan jang séktor salian tatanén aya 5.116 hektar, sednegkeun lahan tambak, kulah, émpang aya 176 hektar.[2]

Pamaréntahan[édit | édit sumber]

Wali Kota Banjar[édit | édit sumber]

Wali Kota Banjar, Ade Uu Sukaesih

Wali kota Banjar ayeuna nyaéta Ade Uu Sukaesih anu geus ngajabat di periodé 2013-2018 jeung 2018-2023.[3] Wali Kota Banjar periodé 2003-2013 nyaéta Herman Sutrisno, anu ayeuna kalibet kasus korupsi lelang proyek di Kota Banjar taun 2008-2013.[4] .

Aparatur Sipil Nagara (ASN)[édit | édit sumber]

Jumlah Pagawé Nagari Sipil (PNS) di Kota Banjar taun 2021 aya 2.756 jalma, kalawan 1.275 lalaki jeung 1.481 awéwé. Kedudukan PNS panglobana aya di golongan III anu lobana 1.715 urang. Urutan kadua nyaéta PNS golongan IV anu jumlahna 464 urang, sedengkeun golongan I aya 8 urang.[2]

Rasio jumlah PNS dibandingkeun jumlah penduduk taun 2021 nyaéta 14 PNS babanding jeung 1000 penduduk, sedengkeun lamun dibandingkeun jeung pagawé désa, rasiona 2 PNS babanding jeung 1.000 penduduk. Lamun dibandingkeun jeung rata-rata jumlah RT, mangka rasiona jadi 62 PNS per RT. [2]

Ditempo tina jumlah anggota législatip, mangka rasiona aya 4 urang anggota déwan tina tiap 30.000 penduduk. Aya 168 kagiatan anu dilaksanakeun ku DPRD kalawan rata-rata produktivitas kaputusan per bulan aya 62 kaputusan.[2]

Jumlah Pendapatan Asli Daérah (PAD) Kota Banjar taun 2021 lobana Rp127,104 miliar jeung Dana Alokasi Umum lobana Rp346,705 miliar.[2]

Démografi[édit | édit sumber]

Mimiti Kota Banjar diwangun, jumlah rahayatna anu kacatet aya 158,9 rébu jalma. Taun 2007 ningkat jadi 179,2 rébu jalma, taun 2014 jadi 190,8 rébu jalma, jeung taun 2021 kacatet jadi 205,73 rébu jalma anu rincianna 103.374 lalaki jeung 102.358 awéwé. Sex ratio penduduk Kota Banjar nunjukkeun angka 100,99 anu hartina ungal 100 penduduk awéwé aya 101 penduduklalaki di taun 2021.[2]

Laju tumuwuhna penduduk di Kota Banjar ti taun 2014 nepika 2021 nyaéta 0,07% anu kaasup kategori luhur. Tapi, Kota Banjar acan boga tingkat kapadetan penduduk anu luhur sabab ngan dicicingan ku 1.558 jalma per km2 ditaun 2021. Di handap ieu data ngeunaan sumebarna penduduk di Kota Banjar taun 2021:[2]

  • Langensari aya 59.140 jalma (28,7%)
  • Banjar 59.387 jalma (28,87%)
  • Pataruman 62.395 jalma (30,33%)
  • Purwaharja 24.820 jalma (12,06%)

Sumebarna penduduk Kota Banjar lolobana cicing di Kacamatan Pataruman, tapi miboga tingkat kapadetan panghandapna nyaéta 1.154 jalma per km2. Kacamatan anu paling padet pendudukna aya di Kacamatan Banjar kalawan kapadetan 2.263 jalma per km2. Laju tumuwuhna penduduk paling handap aya di Kacamatan Banjar nyaéta 0,1 persén.[2]

Tren Partisipasi Angkatan Gawé (TPAK) Kota Banjar nyaéta 64,07 anu hartina persentasé lobana angkatan gawé dibandingkeun kana lobana penduduk anu umurna 15 taun ka luhur aya 64,07 persén. Beuki loba angka TPAK, mangka beuki loba pagawé anu siap nyieun barang jeung jasa dina hiji perékonomian.[2]

Indeks Pangwangunan Manusa (IPM) Kota Banjar taun 2019 nyaéta 71,75 tuluy nurun taun 2020 jadi 71,70, sata ningkat di taun 2021 jadi 71,92. Laju IPM Kota Banjar taun 2021 nyaéta 0,31%. Di handap ieu sababaraha hiji indikator Pangwangunan Manusa di Kota Banjar numutkeun kana data Badan Pusat Statistik (BPS) taun 2021:

  • Umur harepan hirup: 71,19 taun
  • Harapan llila sakola: 13,24 taun
  • Rata-rata lila sakola: 8,77 taun
  • Pangeluara per kapita: Rp10.476.000 per taun.

Katenagakerjaan[édit | édit sumber]

Data angkatan gawé Kota Banjar kabilang luhur aya di luhur angka 90 persén. Taun 2021, angkatan gawé Kota Banjar nincak 93,91%, taun 2020 93,27%, taun 2019 93,90%, jeung taun 2018 94,11%. Lolobana angkatan gawé nyaéta lulusan SLTA ka luhur. Jumlah pangangguran terbuka aya 5.747 urang, kalawan angka pangangguran (TPT) 6,09%. Pangangguran lalaki aya 3.946 urang, pangangguran awéwé aya 1.801 urang. Angkatan gawé lulusan SD ka handap aya 32.795 urang.[2]

Tatanén[édit | édit sumber]

Sanajan warga Kota Banjar lolobana cicing di kota, tapi wargana masih loba anu tatanén. Hal ieu katempo tina lega lahan sawah nyaéta 89%, sésana 11% tatanén palawija. Di handap ieu produk kapinunjul tatanén di Kota Banjar taun 2021:[2]

  1. Produksi paré: 43.806 ton GKG
  2. Gedang: 74.183 kg
  3. Cau: 118.766 Kg
  4. Rambutan: 27.406 Kg
  5. Manggah: 27.878 Kg
  6. Kadu: 10.674 Kg
  7. Kalapa: 2.209.81 ton
  8. Karét: 52,51 ton
  9. Kawung: 126,28 ton
  10. Kopi: 6,30 ton.

Pendidikan[édit | édit sumber]

Angka partisipasi sakolah penduduk Kota Banjar taun 2021 nunjukkeun:[2]

  • Umur 7-12 taun gedéna 99,36%
  • Umur 13-15 taun gedéna 98,17%
  • Umur 16-18 taun gedéna 73,78%.

Rata-rata lila sakola penduduk Kota Banjar nyaéta 8,77 taun, nunjukkeun yén rata-rata penduduk Kota Banjar geus namatkeun sakola nepika kelas 3 SMP atawa lolobana lulusan SD sadarajat. Harapan lila sakola (EYS) Kota Banjr lilana 13,24 taun. [2] Rasio jumlah guru jeung murid di Kota Banjar rata-rata hiji guru ngajar 14 murid. Di handap ieu data rasio guru jeung murid, sarta rasio murid jeung jumlah sakola taun 2021:[2]

  • Rasio murid-sakola dasar: 171,87
  • Rasio murid-sakola SLTP: 354,40
  • Rasio murid-sakola SLTA: 414,13
  • Rasio murid-guru sakola dasar: 14,46
  • Rasio murid-guru SLTP: 12,68
  • Rasio murid-guru SLTA: 14,52

Di handap ieu daptar SMA/MA/SMK nu aya Kota Banjar:[5]

  1. MAS AL AZHAR, Jl. Pesantren No. 02 Desa Citangkolo
  2. MAS Al Kautsar, Jl.Pejuang No.100 Ds.Jajawar
  3. MAS DAARUL HUDA, Kampung Cibaru Balokang
  4. MAS Darul Ulum, Jl. Karangpucung Ds.Balokang
  5. MAS PERSIS 85, Jl. Batulawang No.47 A - Banjar
  6. MAS PGII, Jl. Mayjend. Didi Kartasasmita
  7. MAS PK YABA AL MAARIF, Jl. Pengairan Pondokhuni
  8. SMA AL-AZHAR, JALAN PESANTREN NO.02
  9. SMA BINA PUTERA BANJAR, JALAN PAMARICAN
  10. SMAN 1 BANJAR, JALAN KH. ZENAL MUSTOFA NO. 1
  11. SMAN 2 BANJAR, Jl.KH.MOHAMANAD SANUSI
  12. SMAN 3 Banjar, JALAN KH. ZENAL MUSTOFA
  13. SMK (SMEA) HIKMAH, JALAN MAY. JEN. DIDI KARTASASMITA
  14. SMK (SMEA) N 1 BANJAR, JALAN DR. HUSEN KARTASAMITA
  15. SMK (SMEA) PASUNDAN 1, JALAN PAMARICAN
  16. SMK (STM) BINA PUTERA, JALAN TANJUNGSUKUR
  17. SMK (STM) MUHAMADIYAH, JALAN PENGAIRAN
  18. SMK AL-AZHAR, Jl. Pesantren No. 02 Citangkolo
  19. SMK Negeri 2 Banjar, Dusun Cipadung Desa Purwaharja
  20. SMK Negeri 3 Banjar, Jl. Julaeni
  21. SMK PASUNDAN 2, JALAN PAMARICAN
  22. SMK Teknologi Yayasan Al-Falah, Kedungwaringin Ds. Waringinsari Kec.Langensari

Di Kota Banjar aya sababaraha hiji paguron luhur, di antarana:[6]

  1. Sekolah Tinggi Ilmu Kaséhatan (STIKES) Bina Putera Banjar
  2. Sekolah Tinggi Ilmu Sosial jeung Ilmu Politik (STISIP) Bina Putra
  3. Sekolah Tinggi Ilmu Tarbiyah (STIT) Muhammadiyah Banjar
  4. Sekolah Tinggi Agama Islam Miftahul Huda Al-Azhar

Administratif[édit | édit sumber]

Kantor Desa Raharja Kota Banjar
Alun-Alun Kota Banjar

Sacara administratif, ieu kota ngawengku 4 kacamatan, nu kabagi deui kana sababaraha désa jeung kalurahan. Banjar baheulana mangrupa kota kacamatan bagian ti Kabupatén Ciamis, tuluy ditingkatkeun statusna jadi kota administratif. Ti ngawitan tanggal 1 Desember 2002, Banjar ditetepkan minangka kota otonom nu misah ti Kabupatén Ciamis.

Opat kacamatan anu aya di Kota Banjar nyaéta:

  1. Kacamatan Purwaharja di belah kalér
  2. Kacamatan Banjar di belah kulon
  3. Kacamatan Pataruman di belah kidul
  4. Kacamatan Langensari di belah wétan.

Di handap ieu daptar désa jeung kalurahan di Kota Banjar, tur alamat jeung nomér teleponna:[7]

  1. Désa Balokang - Kacamatan Banjar | Jl.Peta No.119         
  2. Désa Batulawang - Kacamatan Pataruman | Jl. Batulawang No. 272
  3. Désa Binangun - Kacamatan Pataruman | Jl. Tentara Pelajar No. 528  
  4. Désa Cibeureum - Kacamatan Banjar | Jl.Jawara No.15 Cibeureum Banjar
  5. Désa Jajawar - Kacamatan Jajawar | Jl. Wirasantana No. 66
  6. Désa Karyamukti - Kacamatan Pataruman | Jl. Raya Karyamukti No. 173
  7. Désa Kujangsari - Kacamatan Kujangsari | Jl.Kujang No.77 Kujangsari Banjar (0265) 7646856
  8. Désa Langensari - Kacamatan Langensari | Jl.Pelita II No.03 Langensari
  9. Désa Mekarharja - Kacamatan Purwaharja | Jl. Desa No. 225
  10. Désa Mulyasari - Kacamatan Pataruman | Jl. Raya Pataruman No. 1199
  11. Désa Neglasari - Kacamatan Banjar | Jl.dr.Husein Kartasasmita No.169  
  12. Désa Raharja - Kacamatan Purwaharja | Jl. Siliwangi No. 74
  13. Désa Rejasari - Kacamatan Langensari | Jl.Mandor Martinem Roy I No.73 (0265) 7646856
  14. Désa Sukamukti - Kacamatan Pataruman | Jl. Lingkar Selatan No. 1   (0265) 745840
  15. Désa Sinartanjung - Kacamatan Pataruman | Jl. Purnomo Sidi (0265)   2733415
  16. Désa Waringin - Kacamatan Langensari | Jl. Pelita II No.06
  17. Kalurahan Situbatu - Kacamatan Banjar | Jl. Husen Kartasasmita No. 431
  18. Kalurahan Banjar - Kacamatan Banjar | Jl. Dr. Husein Kartasasmita  No. 47    (0265) 741086  
  19. Kalurahan Bojongkantong - Kacamatan Langensari | Jl. Raya Banjar Km. 9
  20. Kalurahan Hegarsari - Kacamatan Pataruman | Jl. Letjen Suwarto No. 24     (0265) 741755
  21. Kalurahan Karang Panimbal - Kacamatan Purwaharja | Jl.Siliwangi No.49     
  22. Kalurahan Mekarsari - Kacamatan Banjar | Jl. Tentara Pelajar No. 08  
  23. Kalurahan Muktisari - Kacamatan Langensari | Jl.Pahlawan No.25        (0265) 742873
  24. Kalurahan Pataruman - Kacamatan Pataruman | Jl.Kehutanan No.977 (0265)   742863
  25. Kalurahan Purwaharja - Kacamatan Purwaharja | Jl. Brigjen M.  Isya, SH No. 133 (0265) 2730139   

Kaséhatan[édit | édit sumber]

Numutkeun kana hasil survei sosial ékonomi nasional 2021, lobana 5% tina penduduk Kota Banjar ngalaman gering saperti rieut sirah, batuk, salésma, nyalingit beuteung jeung sajabana. Ihwal ilaharna éta panyakit nyaéta ngeunaan pola hirup masyarakat jeung parobahan musim. Angka kasakitan lalaki lobana 4,17 persén, sedengkeun angka kasakitan awéwé [2]

Fasilitas kaséhatan Kota Banjar di antarana miboga tilu rumah sakit anu bisa dipaké jang rawat inap, hiji rumah sakit husus jang pasén Covid-19. Salian ti éta, Kota Banjar miboga 10 puskésmas, 9 puskésmas pembantu, 10 apoték, 18 klinik pratama jeung 200 posyandu anu sumebar di sakur désa. [2] Rasio falisitas kaséhatan di Kota Banjar taun 2021 nyaéta:[2]

  • 1 puskermas sakur 10.000 penduduk
  • 11,71 sarana kaséhatan séjén sakur 10.000 penduduk
  • 40,73 tanaga médis sakur 10.000 penduduk
  • 2,5 apoték sakur kacamatan
  • 4,5 klinik pratama sakur kacamatan
  • 2,25 puskésmas pembantu sakur kacamatan
  • 8 posyandu sakur désa.

Lobana imah anu miboga fasilitas jamban keur ngising aya 87,95% milik sorangan,sedengkeun fasilitas ngising lain milik sorangan/umum aya 12,05%. Jenis klosét anu loba dipaké nyaéta kloset beuheung soang lobana 93,22%. Lobana tengki sptik di imah-imah masyarakat Kota Banjar aya 86,65%.[2]

Tilu rumah sakit anu aya di Kota Banjar nyaéta Rumah Sakit Umum Daérah Banjar, Rumah Sakit Umum Mitra Idaman, jeung Rumah Sakit Umum Banjar Patroman.[8] Di handap ieu daptar puskésmas anu aya di Kota Banjar:[9]

  1. Puskésmas Banjar 1 | Alamat: Jl. Raya Peta, Balokang, Kec. Banjar, Kota Banjar, Jawa Barat 46312 | Non Rawat Inap
  2. Puskésmas Banjar 2 | Alamat: Jl. Dr. Husein Kartasasmita No, 433 Rt 04 Rw 02 Situbatu, Kec. Banjar, Kota Banjar, Jawa Barat 46314 | Non Rawat Inap
  3. Puskésmas Banjar 3 | Alamat: Jl. Kapten Jamhur No.103. A, Mekarsari, Kec. Banjar, Kota Banjar, Jawa Barat 46321 | Non rawat Inap
  4. Puskésmas Langensari 1 | Alamat: Jl. Raya Banjar No.110, Bojongkantong, Langensari, Kota Banjar, Jawa Barat 46325 | Non Rawat Inap
  5. Puskésmas Langensari 2 | Alamat: Jl. Majalikin No. 56, Langensari, Kota Banjar, Jawa Barat 46341 | Rawat Inap
  6. Puskésmas Purwaharja 1 | Alamat: Jl. Brigjen M. Isa, SH No. 131, Kec. Purwaharja | Non Rawat Inap
  7. Puskésmas Purwaharja 2 | Alamat: Jl. Siliwangi No.149, Raharja, Kec. Purwaharja, Kota Banjar, Jawa Barat 46334 | Non Rawat Inap
  8. Puskésmas Pataruman 1 | Alamat: Jl. Mayjen Lili Kusumah No.458 Kelurahan Hegarsari Kec. Pataruman 1, Hegarsari Kota Banjar, Jawa Barat 46322 | Non Rawat Inap
  9. Puskésmas Pataruman 2 | Alamat: Jl. Karyamukti No. 174 Rt. 01 Rw. 4, Kec. Pataruman Kota Banjar, Jawa Barat 46327 | Rawat Inap
  10. Puskésmas Pataruman 3 | Alamat: Dusun Babakan Sari, Banjar, Kec. Banjar, Kota Banjar, Jawa Barat 46311 | Non rawat Inap.

Paimahan[édit | édit sumber]

Lobana paimahan di Kota Banjar, 88% milik sorangan, sésana lain milik sorangan anu lobana 12%. Sakabéh imah di Kota Banjar geus kacaangan ku listrik PLN. Ngeunaan fasilitas cai bersih, 60% masyarakat Kota Banjar ngamanpaatkeun sumur anu geus ditangtayungan, 23% ngamanpaatkeun sumur bor/pompa, 14% ngamanpaatkeun lédeng, jeung 3% ngamanpaatkeun sumur anu hentu ditangtayungan.[2]

Pertambangan jeung Energi[édit | édit sumber]

Jenis pertambangan di Kota Banjar kabilang leutik, asuk kana kategori pertambangan galian C saperti andésit anu loba di deukeut daérah aliran walungan Citanduy, pasir cadas, jeung taneuh lempung. Taun 2019, ngan ukur hiji pangusahaan anu kadata miboga usaha pertambangan andésit kalawan ngahasilkeun 232,83 m3/pagawé.[2]

Rata-rata konsumsi cai nginum penduduk Kota Banjar nyaéta 190.922 meter kubik per bulan atawa 2.291.064 meter kubik di taun 2021, kalawan konsumen utamana nyaéta non niaga (72,18 persén), niaga (8,67 persén), sésana dipaké di widang sosial, pamaréntahan, umum jeung industri (19,15%).[2]

Rata-rata pamakéan listrik PLN ku penduduk Kota Banjar taun 2019 gedéna 23.392.411 Kwh per bulan kalawan pamakéan utamana nyaéta kanggo rumah tangga (73,78 persén), industri (7,82 persén), jeung sosial, pamaréntah, swasta, bisnis (18,40 persén).[2]

Perdagangan[édit | édit sumber]

Industri Leutik[édit | édit sumber]

Industri leutik atawa UMKM hususna industri kadaharan/pangan jadi industri anu loba sumebar di Kota Banjar. Conto industri pangan éta nyaéta industri hasil produksi tatanén saperti cau jeung kedelé. Tuluy aya industri karajinan, batu bata, industri sandang jeung kulit sarta pakakas rumah tangga tina logam. Totalnya aya 663 industri leutik jeung aya 9.154 pagawé di éta industri leutik. Di handap ieu daptar industri leutik jeung jumlah pagawéna di Kota Banjar taun 2020:[2]

Jenis Industri Leutik Jumlah Pangusahaan Jumlah Pagawé
Umum 20,06% 58,78%
Wangunan 19,46% 13,41%
Pangan 51,13% 18,76%
Sandang jeung kulit 6,33% 7,52%
Logam 3,02% 7,52%

Di Kota Banjar masih loba industri informal anu teu boga izin usaha atawa izin lokasi luyu jeung aturan pamaréntahan. Industri informal ieu mangrupa usaha leutik anu ngahasilkeun barang jeung jasa. Industri informal paling loba di Kota Banjar taun 2020 nyaéta mangrupa industri sapu nyéré anu aya di Kacamatan Banjar, sarta industri bata beureum anu sumebar di opat kacamatan di Kota Banjar. Industri informal lolobana dijieun ku kulawarga.[2] Dihandap ieu daptar industri informal taun 2020 di Kota Banjar:[2]

  • Gula kawung, jumlahna 24 unit
  • Gula kalapa, jumlahna 629 unit
  • Tahu, jumlahna 78 unit
  • Tempé, jumlahna 66 unit
  • Ranginang, jumlahna 30 unit
  • Bata beureum, jumlahna 438 unit
  • Genténg keramik, jumlahna 20 unit
  • Mébeul, jumlahna 75 unit
  • Anyaman awi jeung bordir, jumlahna 84 unit
  • Samak mendong, jumlahna 84 unit
  • Konpéksi, jumlahna 14 unit
  • Sapu nyéré, ujmlahna 686 unit
  • Nu séjénna, jumlahna 271 unit

Pangusahaan Dagang[édit | édit sumber]

Kota Banjar ogé ngandelkeun séktor perdagangan sabab lokasina aya di antara Kabupatén Ciamis jeung Cilacap. Puseur perdaganganna nyaéta aya di Kacamatan Banjar anu ngalayanan masyarkat di belah kulon, jeung Kacamatan Pataruman anu ngalayanan masyarakat di belah wétan jeung kidul.[2]

Kota Banjar miboga 4 pasar désa, 1 pasar kota jeung kios/los di Pasar Kota Banjar anu lobana 2.615 unit. Numutkeun data taun 2021, rata-rata padangan per blok pasar aya 620 urang, jumlah padagang aya 3.102 urang, kalawan 25,34% nyaéta padagang sisi jalan (PKL). Jumlah perdagangan nasionalna aya 6.871 unit, rincianna 99,13% pangusaha leutik jeung mikro, sésana 0,87% padagang menengah jeung gedé. Lolobana usaha perdagangan di Kota Banjar dilakukeun ku pangusaha leutik.[2]

Hotél[édit | édit sumber]

Data ti Dinas Pamuda, Olahraga jeung Pariwisata Kota Banjar nunjukkeun yén jumlah hotél di Kota Banjar ti taun 2010-2011 ngan ukur aya 11 hotél. Taun 2013-2017, jumlah hotél teu aktip nambahan 3 hotél, sakabéhna henteu miboga bintang. Jumlah hotél di Kota Banjar taun 2021 aya 10 hotél, kalawan 175 unit kamar, jeung 332 jumlah tempat saré. Jumlah tamu anu ngarendong taun 2021 aya 5.331, sakabéhna tamu doméstik.[2] Sababaraha hotél anu aya di Kota Banjar nyaéta:[10]

  1. Hotél Banjar Indah
  2. Hotél Mandiri
  3. Guest House Selaras Prima

Transportasi jeung Komunikasi[édit | édit sumber]

Statsion Banjar

Fasilitas transportasi anu dipaké ku masyarakat Kota Banjar nyaéta mangrupa jalan jeung rél. Data taun 2021 nunjukkeun yén 53,43% jalan di Kota Banjar kaasup alus, 20,94% kaasup sedeng, sésana ruksak. Panjang jalan raya nyaéta 260,67 km. Kategori jalan di Kota Banjar kaasup jalan kota (90,66 persén), 5,64 persén asuk kalan nasional jeung 3,70 persén asup jalan propinsi.[2]

Aya dua statsion karéta di Kota Banjar nyaéta Statsion Banjar jeung Statsion Langensari. Taun 2017, statsion Langensari geus henteu diopérasionalkeun deui kanggo naékkeun/nurunkeun panumpang atawa barang. Rata-rata jumlah panumpang karéta di Statsion Banjar aya 61 urang sapoéna, kalawan rata-rata jarak témpuh 206 km.[2]

Jumlah wahon anu wajib uji aya 3.323 unit, rincianna 21,21% mangrupa kendaraan umum, jeung 78,79% mangrupa kendaraan lain umum.[2]

Peron di Statsion Banjar

Aksés internét masyarakat Kota Banjar loloba dilakukeun ku lalaki (63,56%) jeung awéwé (54,63%). Penduduk umur 10 taun ka luhur ngaksés internét ngagunakeun telepon selulér jeung warnét di taun 2021. Leuwih ti 3/4 penduduk Kota Banjar geus bisa maké telepon selulér anu geus dilengkepa ku modem jeung wifi. Pangiriman surat ngaliwatan kantor pos sapoéna rata-rata aya 110 surat, ngaliwatan wesél pos dikirim rata-rata 52, jeung rata-rata pakét pos dikirim aya 13 pakét sapoéna. Aya 77,83% masyarakat anu maké hapé nirkabel jeung komputer, sedengkeun anuu ngaksés intenretaya 62,54%.[2]

Pendapatan Régional[édit | édit sumber]

Pendapatan Doméstik Régional Bruto (PDRB) Kota Banjar taun 2021 nincak Rp4,6 triliun. Pendapatan per kapita masyarakat Kota Banjar naék kurang leuwih Rp900.000 atawa 3,69 persén ti tahun 2020 ka 2021. PDRB Kota Banjar taun 2020 nyaétan Rp4,45 triliun.[2]

Statsion Banjar mangsa 2020

Sacara ékonomi, PDRB Kota Banjar kabilang leurik kurang leuwih 0,21 persén tina total PDRB Propinsi Jawa Kulon. Pendapatan per kapira sataun ogé ngan ukur Rp23 juta, dihandapeun rata-rata Proponsi Jawa Kulon.[2]

Indeks Pangwangunan Manusa Kota Banjar taun 2021 nyaéta 71,92, kaasup kategori luhur, béda saeutik jeung IPM Jawa Kulon anu gedéna 72,45. Di handap ieu data ngeunaan pangwangunan manusa di Kota Banjar taun 2021:

  • IPM: 71,92
  • Umur Harepan Hirup (UHH): 71,19 taun
  • Harapan Lila Sakola (HLS): 13,24 taun
  • Rata-rata Lila Sakola (RLS): 8,77 taun
  • Pangeluaran: Rp10.476.000 per taun

Wisata[édit | édit sumber]

Situ Mustika[édit | édit sumber]

Situ Mustika mangrupa situ anu aya di Désa Purwaharja Kacamatan Purwaharja. Legana Situ Mustika nepika 2,5 Ha, mangrupa obyék wisata panorama jeung situ. Di sakuriling situ, loba tatangkalan pines anu alus pikeun popotoan. Di tengah situ Mustika aya pulo leutik anu dipelakan jati. Di Situ Mustika ogé aya jambatan gantun. Karcis asup ka ieu tempat nyaéta mayar Rp5.000. [11][12]

Tepas Konci[édit | édit sumber]

Tepas Konci nyaéta wisata panorama anu nyadiakeun pamandangan sawah jeung gunung. Aya sagunduk batu anu disébut batu putri anu alus kanggo popotoan. Di dieu ogé aya tempat keur kemping.[12]

Pulo Majeti/Rawa Onom,[édit | édit sumber]

Pulo Majeti nya ta mangrupa pulo anu aya Di tengah Rawa Onom désa Purwaharja Kacamatan Purwaharja, 2 Ha Legana, mangrupa situs.[13] Pulo Majti geus jadi cagar budaya mangkana sok aya jalma nu jarah ka dieu. [14]

Situs Kokoplak[édit | édit sumber]

Situs Kokoplak nyaéta mangrupa situs budaya anu aya di Désa Mulyasari Kacamatan Pataruman, legana 1 Ha, mangrupa situs. Situs Kokoplak aya di sisi Walungan Citanduy deukeut astana Pananjung. Di situs Kokoplak dipercaya aya makam Ibu Ratu Sarimulan jeung Ibu Ratu Sarirasa. Situs ieu sok dijadikeun tempat semédi sabab tiiseun.[15]

Curug Pangantén[édit | édit sumber]

Curug Pangantén aya di Désa Sukamulya jeung di Désa Sukamukti, Kacamatan Pataruman, Kota Banjar. Curug Pangantén ieu dikurilingan ku pasir jeung tatangkalan. Aya kulah leutik di handapeun curug.[16]

Curug Cibonte[édit | édit sumber]

Curug Cibonte aya di Désa Cijambu, Kacamatan Banjar. Cai curugna lumayan badag, lokasina rada deukeut ka puseur kota.[16]

Curug Tirai Hujan[édit | édit sumber]

Curug Tirai Hujan aya di Désa Mandiangin Wétan, Kacamatan Karang Intan Kota Banjar. Di handap curug aya kulah nu bisa diojayan, jerona 3-4 méter. [16]

Situ Leutik[édit | édit sumber]

Situ Leutik aya di Désa Cibeureum,Kota Banjar. Wisata Situ Leutik cocok jang ulin jeung nempoan panorama situ. [16]

Taman PUSDAI Kota Banjar[édit | édit sumber]

Taman PUSDAI aya di deukeut Walungan Citanduy. Lokasina aya di Kacamatan Banjar, Kota Banjar. Di ieu taman disadiakeun korsi jeung dipelakan tutuwuhan hias.[16]

Taman Cinta[édit | édit sumber]

Taman cinta mangrupa taman anu dipelakan rupa-rupa kekembangan, tur dibéré fasilitas korsi jang diuk pikeun pengunjung. Asup ka Taman Cinta hentu kudu mayar karcis.[16]

Alun-Alun Kota Banjar[édit | édit sumber]

Alun-Alun Kota Banjar

Alun-alun Kota Banjar Patroman aya di tengah Kota Banjar. Alun-alun sok dijadikeun wisata ku turis pikeun ulin atawa istirahat hususna di poé Saptu jeung Minggu. Alun-alun Kota Banjar deukeut jeung masjid agung sarta miboga monumén. Loba padagang kadaharan jeung jajanan di sakuriling alun-alun Kota Banjar[16]

Torowongan rel KA Binangun[édit | édit sumber]

Di Désa Binangun Kacamatan Pataruman, aya torowongan karéta anu panjangna ±80 méter. Torowongan ieu diwangun ku Walanda jadi jalur trayék karéta Banjar-Cijulang anu geus dipaké deui. Torowongan ieu aya di belah kidul Kota Banjar. [17]

Sangu jeung Goré ng Manuk
Sale Cau

Kadaharan jeung Jajanan Has[18][19][édit | édit sumber]

Rumah Makan Beti[édit | édit sumber]

Rumah makan Beti lokasina aya di Brigjén M Isa, Cipandung, Kota Banjar. Menu andalan di ieu réstoran nyaéta pais lubang jeung sidat. Bumbu paisanna maké daung surawung, daun bawang, salédri, bawang bodas jeung bawang beureum. Tékstur paisna gurih jeung hipu. Salian ti pais lubang, aya ogé menu goreng manuk pela anu disayogikeun jeung sambel tarasi jeung lalaban.

Rangicok[édit | édit sumber]

Rangicok atawa ranginang coklat nyaéta ranginang anu digoréng tuluy dibanjur ku coklat. Rasana garing jeung amis legit.

Galendo jeung Salé Cau[édit | édit sumber]

Galendo

Kota Banjar ogé kasohor ku olahahan cau nyaéta salé. Salé pisang nyaéta kaolahan tina cau anu dipoékeun sababaraha poé tuluy digoréng. Aya ogé galéndo anu dijieun tina sésa pangolahan minyak keletetik.

Kacang Umpet[édit | édit sumber]

Kacang umpet nyaéta jajanan anu dijieun tina tipung tarigu jeung kacang.Miboga rasa anu loba saperti rasa balado lada, wijen, orijinal, karamél, jeung kéju anu gurih.

Tumbu Luar[édit | édit sumber]

  1. a b "VISI dan MISI". Website Resmi Pemerintah Kota Banjar - Jawa Barat (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak Badan Pusat Statistik Kota Banjar, Badan Pusat Statistik Kota Banjar (2022). Statistik Daerah Kota Banjar 2022. Kota Banjar: Badan Pusat Statistik Kota Banjar. 
  3. Erianto, Dwi. "Ade uu Sukaesih". Kompaspedia (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  4. "Mantan Wali Kota Banjar Divonis Hukuman Tujuh Tahun Penjara". Republika Online (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  5. "Data SMA dan SMK Kota Banjar | Universitas Muhammadiyah Malang". https://www.umm.ac.id/id/pages/jawa-barat/data-sma-dan-smk-kota-banjar.html. Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  6. Anbiyani. "Kuliah di Kota Banjar, Ini Enam Sekolah Tinggi yang Bisa Kamu Pilih!". priangantimurnews.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  7. "Desa & Kelurahan". Website Resmi Pemerintah Kota Banjar - Jawa Barat (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  8. Service, Jabar Digital. "Daftar Rumah Sakit Berdasarkan Jenis dan Kelas di Jawa Barat". opendata.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2022-12-05 di Wayback Machine
  9. "Informasi Data Puskesmas di Kota Banjar". Situs Resmi Dinas Kesehatan Kota Banjar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  10. Jabar, TIMES. "Rekomendasi Hotel Terbaik di Kota Banjar untuk Akhir Tahun". TIMES Jabar (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  11. "Daftar Tempat Wisata di Banjar Patroman yang Keren Abis!". www.hipwee.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  12. a b Meiliani, Herma. "5 Tempat Wisata Alam di Banjar Patroman Paling Hits dan Populer, Cocok Jadi Spot Buat Healing!". kabarpriangan.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  13. Nurhandoko. "Legenda Rawa Onom dan Pulo Majeti di Kota Banjar". www.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  14. Nurhandoko. "Legenda Rawa Onom dan Pulo Majeti di Kota Banjar". www.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  15. Muhafid, Ahmad. "Janji Penghuni Situs Kokoplak untuk Kota Banjar". Harapan Rakyat (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  16. a b c d e f g Kuncoro, Wibi Alwi Surya. "20 Tempat Wisata di Banjar yang Recommended Untuk Traveling". republikwisata.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  17. "Daftar Tempat Wisata di Banjar Patroman yang Keren Abis!". www.hipwee.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  18. "15 Makanan Khas Banjar yang Terkenal Lezat - Bandoeng" (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  19. Liputan6.com. "Maknyus!! Ayo Manjakan Lidah di Kuliner Khas Kota Banjar Patroman". liputan6.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine