Ajug
Pidangan
Ajug nyaéta pangganjel damar sangkan caangna leuwih lega.[1] Ajug bisa ogé disebut suku; tihang damar aya ajug nu ngahiji jeung damarna aya ogé anu misah, malahan ajug nunjul ogé kana barang séjén anu ngahaja dimangpaatkeu pikeun ganjel damar.[1][2] Ajug sagigireun pikeun nambahaan caang rohangan, ogé mangrupa papaés rohangan utamana di kantor-kantor atawa imah jalma beunghar.[2][3]
Paribasa
[édit | édit sumber]Aya paribahasa élmu ajug, taya lian tumerapna ka jalma anu ngan bisa mapagahan kahadéan ka batur, tapi manéhna sorangan henteu ngajalankeun papatahna.[4] Dina kanyataan na ogé kitu caangna rohangan leuwih lega alatan ajug, henteu kungsi nyaangan ajugna anger waé ajugnamah kapoékan.[4]
- Rupa-rupa Ajug
-
Ajug jeung damar bangsa Roma
-
Ajug damar urang Belgia
-
Ajug damar urang China
-
Ajug damar ti India
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. hlm. 10. ISBN 9793631937. Diaksés tanggal (disungsi) 19 Des 2020.
- ↑ a b Pandidikan Dan Kebudayaan, Departemen (1997). Ensiklopedi sastra Sunda. Yogyakarta: Pusan pengembangan dan pembinaan bahasa. hlm. 122. Diaksés tanggal (disungsi – 20 Des 2020).
- ↑ Rigg, Jonathan (1862). Sunda Language. Batavia: Lange & Co. hlm. 2. Diaksés tanggal (disungsi – 19 Pébruari2025).
- ↑ a b Rahayu Tamsyah, Budi (2008). Kamus ungkapan dan peribahasa Sunda. Yogyakarta: Pustaka setia. hlm. 71. Diaksés tanggal (disungsi – 20 Des 2020).
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |