Lompat ke isi

Fibrin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Fibrin (warna kasumba geuneuk) dikulilingan ke sel getih beureum dina pambuluh Vena

Fibrin nyaéta protein anu mangrupa serat-serat jiga benang anu henteu larut dina plasma getih[1]. Fibrin aya dina plasma getih dina prosés pembekuan atawa pangdiglegan getih[1][2]. Fibrin asalna tina fibrinogen anu robah ku sabab aya aktipitas enzim trombin[2][3]. Fibrin teu bisa larut dina protein biasa, tapi bisa dilarutkeun kalawan enzim nu tangtu saperti plasmin jeung pepsin[2]. Saumpama aya karusakan raramat, zat pambeku getih bakal ngeureunkeun perdarahan tuluy ngawangun bekuan getih ngarah perdarahanna eureun.[3]. Benang-benang fibrin anu geus kabentuk bakal silih sambung anu nyababkeun karamatna sel-sel getih beureum jeung plasma keur ngabentuk diglegan getih[1]. Raramat anyar bakal kabentuk ngagantikeun éta diglegan tuluy nutupan raramat anu ruksak[1].

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d (id) Materi SMA. "Proses Mekanisme Pembekuan Darah (trombosit)". Diaksés tanggal 24 Mei 2014. ; ; Archived 2014-05-25 di Wayback Machine
  2. a b c (id) Glosarium. "Fibrin". Diaksés tanggal 24 Mei 2014. ; ;
  3. a b (id) Hassan Shadily. "Ensiklopedia Indonesia". Jakarta: Ichtiar Baru, Van Hoeve: 1001. ;