Jeruk nipis
Pidangan

Jeruk Nipis nyaéta salah sahiji jenis buah nu masih asup kana kulawarga buah jeruk. Ngaran sejenna nyaéta lime, citrus, atawa jeruk haseum. Jeruk nipis bentukna buleud, diameterna 3-6 sentimeter, warnana hejo, kulitna semu paréot[1]. Jeruk nipis babari pisan kapanggih di sabudeureun urang, sab jeruk nipis bisa hirup subur di daerah tropis.[1]
Ciri-ciri fisik
[édit | édit sumber]- Bentuk daunna buleud sedeng tungtung daunna tumpul.[2]
- Rasa buahna haseum,jeung semu pait.[2]
- Panjang tangkalna kira-kira 5 meter,warnana hejo kolot semu kakonengan.[2]
- Kembang Jeruk nipis biasana sok mucuk di lebah juru daunna. Warnana bodas kakonengan tur seungit.[2]
Kandungan nu aya dina Jeruk Nipis
[édit | édit sumber]- Linalool
- Limonene jeung flavonoid
- Synephrine
- Asam Sitrat
- Kalsium
- Fosfor
- vitamin C
Manfaat Jeruk Nipis
[édit | édit sumber]Jeruk nipis gedé pisan mangpaatna pikeun kasehatan. di antarana ubar jang ngalancarkeun pencernaan, batuk, diet, kekebalan imun, amandel. ambeien, ginjal, panyakit koneng, jeung réa deui sajabana.[2]
Ngaran-ngaran Lian Jeruk Nipis
[édit | édit sumber]- Latin : Citrus Aurantifolia, swingle.[2]
- Indonesia : Jeruk Nipis, Jeruk Mipis, Jeruk Pecel, Jeruk Sambel, Jeruk Haseum[2].
- Melayu : Limau Mipis, Limau Asam.[2]
- Thailand : Manao.[2]
- Filiphine : Dayap.[2]