Samak
Samak nyaéta amparan tilam anu dijieun tina daun pandan.[1] Di urang samak loba dijieun ku pangrajin ti daérah Tasikmalaya, aya ogé dipulo bawéan.[2]Sagigireun tina daun pandan, aya ogé samak anu dijieun tina daun vanili, daun kalapa, malah kiwari geus ngagunaken bahan plastik pikeun bahanna.[3]
Bagéan tina budaya
[édit | édit sumber]Nguntun daun pandan jadi rupa-rupa pepernian/pakakas anu dipaké sapopoé, geus jadi ciri mandiri masarakat urang.[2] Utamana anu nganjrek di daérah basisir, di mana loba kampanggih tangkal pandan kalawan subur.[2] Timimiti samak, wadah béas, kantong sendal jeung sajabana. [2][1]
Kaunggulan jeung Kakurangan Daun Pandan
[édit | édit sumber]Sacara dasarna daun pandan cucuk ngabogaan loba kaunggulan di mana ciri-ciri anu dipiboga lamun dipaké luyu jeung kabutuhan bakal loba pisan mangpaatna. Daun pandan ngabogaan harambay/rambat anu cukup panjang sarta kuat matakna pohara alus pikeun dijadikeun bahan dasar sagala rupa barang kabutuhan.[1] Husus pikeun bahan anyaman, ngolah daun pandan cucuk téh rada bangga/hésé batan bahan anyaman séjénna lantaran kudu ngaliwatan tahapan ngagolakkeun jeung ngagaringkeun. Pikeun meunangkeun serat anu panjang, éta ogé kedah ngaleungitkeun zat lignin sareng selulosa. [2]Sanggeus ngaliwatan prosés ngolah daun cucuk pandan, éta bakal nembongkeun tékstur anu leuleus ieu jadi leuwih gampang diuntun. [2]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b c Abraham Bleekrode, Salomon (1861). Nieuw tijdschrift gewijd aan alle takken van volksvlijt, nijverheid, landbouw, mijnwezen, handel, spoorwegen, telegraphie en scheepvaart, Volume 4. National Library of the Netherlands: Puslitmas STS. hlm. 162.
- ↑ a b c d e f M.Si., Irfandi, (2020). Meniti Harapan Di Belahan Daun Pandan. Jakarta: Media Sains Indonesia. hlm. 2 ~ 7. ISBN 9786236882474. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Tanda baca tambahan (link)
- ↑ Adam, R. Y. (2008). Buku abstraksi hasil penelitian dan karya seni tahun 1979-2008. Universitas Michigan: Puslitmas STS. hlm. 334.
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |