Lompat ke isi

Satria

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Satria mangrupa istilah dina seni pagelaran sandiwara dina lalakon babad atawa desik.[1] Tina sisi carita, satria ngaranna anu disebut palaku utama (aktor) atawa protagonis téh sok disebut nu boga lalakon atawa anak muda.[1] pangna disebut satria bisa jadi lantaran tokoh éta anu bakal jadi pahlawan (ksatria) dina carita téh.[1] Pitokoheunana (aktor) biasana pangawakanana jeung rupa pangtegepna, pertentang, umurna ngora kénéh.[1] teu kudu milih-milih deui da biasana mah dina rombongan sandiwaran téh aya pamaén anu geus matok nyekel rol téa.[1]

Ngaran Satria miboga harti, definisi, maksud atawa makna wanén, gagah, alur kahirupan nu tengtram, merdeka, bagja jeung sampurna, ngaran nu hartina prajurit anu boga kawani, pejuang, prajurit anu wani.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. hlm. 212.
  2. "Satria - Cari Arti". Cari Arti (Dina basa Inggris Amerika). 2013-09-02. Diaksés tanggal 2018-04-25. Archived 2018-04-15 di Wayback Machine